Saban peuting, ari di ranjang geus sare, anjeunna kaimpi bae, kaimpi keur diteangan, weleh teu kapanggih bae.
2
Diaprak saluluar kota, dilongok ka jalan jeung jajahan, disusul ka lulurung, haben bae diteangan, tapi lebeng teu kapanggih.
3
Anggur tepung jeung nu ngaronda, ku kuring ditanya, "Manawi pendak sareng panutan kuring?"
4
Tapi henteu lila ti harita, ana gok teh anjeunna kapanggih. Gabrug dirangkul tipepereket, henteu dilesotkeun deui, tuluy diajak ka bumi ibu, sup ka pangkeng tempat kuring dijurukeun.
5
Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, sumpah demi uncal anu rikat jeung demi uncal bikang, ulah rek ganggu kana kacinta kuring duaan.
6
\it Wanoja:\it* Naon itu anu mumbul ti lebah gurun, jiga haseup ngebun, tur kasawur ku seungit dupa jeung emur, sarupaning seuseungitan dagangan para sudagar?
7
Leuh geuning Suleman, sumping nitihan jampana, dikawal ku genep puluh prajurit, prajurit-prajurit petingan Israil,
8
kabeh oge jago ulin pedang, ahli jurit tukang tarung, masing-masing nyoren pedang, taki-taki tina bahlaning peuting.
9
Raja Suleman nitihan jampana, tina kai kelas hiji,
Heuy, wanoja-wanoja Sion, yap nongton Raja Suleman. Anjeunna nganggo makuta, ibuna ku anjeun nu nerapkeunana, dina poean rendenganana, poe kabagjaanana.